Teks MC Idul Fitri Bahasa Sunda
Oleh: Rahman Abdullah
Assalamualaikum, wr. wb
Anu ku simkuring dipihormat para Alim Ulama, para Ustad, oge anu ku simkuring
dipihormat Bapa Kepala Dusun Harjamukti sinareng perangkatna, Ketua DKM Masjid
Attaqwa sareng perangkatna, oge para wargi sadaya hadirin jamaah sholat riyaya idul fitri
anu sami ku simkuring dipihormat.
Langkung ti payun hanya urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh
SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa kempel ngariung,
paamprok jonghok, patepang raray dina raraga ngalaksanakeun sholat riyaya idul fitri
berjamaah, kalayan dina kaayaan sehat walafiat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya
Habibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sohabatna, ka para
tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah kenging
syafaat ti mantenna di yaumil qiyamah. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.
Hadirin jamaah sholat idul fitri masjid raya attaqwa. Hapunten sateuacana simkuring
nyuhunkeun widi, salaku pangjajap acara. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di
laksanakeun dina raraga sholat idul fitri ieu.
Acara anu ka hiji nyaeta Bubuka ku Maoskeun Ayat suci Al-Qur’an sareng solawat
Acara Anu kadua nyaeta Prakata ti panitia
Acara Anu katilu nyaeta sambutan ti Kepala dusun Harjamukti
Teras anu kaopat nyaeta acara inti solat riyaya idul fitri.
Supados teu nyangkolong kana waktos, hayu urang buka acara ieu ku maosken
Basmallah sasarengan....... diteraskeun ku maosken ayat suci Al-Quran sareng solawat anu
bade di aoskeun ku petugas.....ka petugas waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Hatur nuhun ka petugas anu parantos maoskeun ayat suci Al-Quran sareng solawat,
pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti Gusti Alloh SWT.
Para hadirin jamaah solat idul fitri masjid raya Attaqwa, rengse acara anu kahiji,
mangga urang teraskeun kana acara anu kadua nyaeta Prakata ti panitia, ka Bapa ketua DKM
Masjid Attaqwa, waktos sinareng tempat disumanggakeun.
Hatur nuhun ka Bapa ketua DKM masjid Attaqwa anu parantos masihan prakata
sareng laporana, pamudah-mudahan urang sadaya kenging manfaatna, Amin!
Rengse acara anu kadua mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta
sambutan ti Kepala Dusun Harjamukti, ka Bapa Kepala Dusun Harjamukti, waktos sinareng
tempat di sumanggakeun.
Hatur nuhun ka Bapa Kepala Dusun anu parantos masihan sambutana, pamudah-
mudahan urang sadaya kenging mangfaatna, Amin!
Para hadirin jamaah solat idul fitri masjid raya Attaqwa, rengse acara anu katilu,
mangga urang teraskeun kana acara anu kaopat, nyaeta acara inti sholat riyaya idul fitri
berjamaah. Dina kesempetan idul fitri anu ayeuna, Anu bertugas janten Khotib sareng Imam
kersana Bapa Ustadz Nurkholis, sareng anu bertugas janten Muroqi kersana Ustadz Ihsan.
Allhamdulilah parantos dugi kana acara inti, Simkuring salaku pangjajap acara
nyuhunkeun dihapunten tina samudaya kakirangan sareng kalepatan. Oge teu hilap, engke
sarengsena solat idul fitri berjamaah, diharepkeun kasadayana jamaah, supaya tiasa
ngalaksanakeun mushofahah sasarengan. Ka uninga ku urang sadaya, dua tahun kapengker
urang sadayana kirang tiasa bebas dina ngalaksanakeun ibadah anu ngahadirkeun jamaah anu
seer. Ku kituna, ayeuna urang sadayana mulai kembali ka situasi anu normal, sebagai bentuk
rasa syukur urang sadaya ka Gusti Alloh SWT sareng usaha urang kangge ningkatkeun tali
duduluran jeung sasama, ku kituna engke sarengsena solat idul fitri, para jamaah tiasa
ngalaksanakeun mushofahah sasarengan.
Hatur nuhun tina sagala perhatosanana. Simkuring salaku pangjajap acara pamit
undur diri…
Nyuhunkeun dihapunten lahir sinareng bathin, akhirul kalam, Wallohul Muwafiq ilaa
Aqwaamitthoriq. Wassalamualaikum, wr.wb.
Tidak ada komentar untuk "Teks MC Idul Fitri Bahasa Sunda"
Posting Komentar